KARINDING

KARINDING DI BOJONG TANJUNG




Karinding mangrupa salah sahiji alat musik tiup tradisional Sunda, eta Karinding teh alat pikeun ngusir hama di sawah. Sora anu dihasilkeun tina ke leterna jarum karinding kaitung sora nu handap low decible. Sorana dihasilkeun tina ditabeuha gagang karinding jeung tungtung curuk nu ditepak-tepakkeun. Eta sora nu kaluar teh ngan kadenge ku sabangsa sasatoan insekta, kayaning wereng, simeut, jangkrik, atawa oge ku manuk, jeung sajabana. Kiwari eta sora teh disebutna ultrasonik. Salian ti ngusir hama, mangpaat karinding oge pikeun ngabeberah maneh, sangkan betah waktu jaga sawah atawa huma. Sangkan jadi wirahma, carana karinding ditabeuhna ku cara ditiup ku baham. Kiwari, nabeuh karinding diinovasi dibarungan ku pakakas musik sejenna.

Tah di pakalangan Bojong Tanjung kesenian karinding dijadikeun salah sahiji kurikulum pendidikan ketrampilan pikeun barudak dina waragad ieu pakalangan bojong tanjung baris gawe bareng jeung karinding Rahayu anu geus boga kagiatan kaparigelan karinding 

ka sadayana anu resep kasenian karinding mangga di Pakalangan bojong tanjung didinya tiasa urang sasarengan ngembangkeun kesenian Karinding eta Cag Ah !!

Penulis : Unknown ~ Sebuah blog yang menyediakan berbagai macam informasi

Artikel KARINDING ini dipublish oleh Unknown pada hari Jumat, 18 Januari 2013. Semoga artikel ini dapat bermanfaat.Terimakasih atas kunjungan Anda silahkan tinggalkan komentar.sudah ada 0 komentar: di postingan KARINDING
 

0 komentar:

Posting Komentar